B. Daerah

Pertanyaan

Lagu mojang priangan teh ngagambarkeun mojang anu
A.Daekan
B.someah
C.judes
D.centil

1 Jawaban

  • Dina basa Sunda istilah lagu aya tilu rupa, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih jeung kakawihan nyaeta lalaguan Sunda bebas anu rumpakana henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta lalaguan anu rumpakana kaiket ku aturan anu aya dina pupuh. Lagu Mojang Priangan kaasup kana kategori kawih.

    Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge kaasup karya sastra wangun puisi. Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku aturan. Atawa bisa disebut oge yen kawih teh nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti aturan anu aya dina pupuh.

    Sanajan kawih teu kaiket ku aturan, kawih ngabogaan unsur-unsur anu disebut unsur tema, nada jeung suasana, rasa sarta amanat. Unsur tema nyaeta gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangarang hiji kawih ka anu ngadangukeun kawih. Nada jeung suasana, nyaeta sikep pangarang kana eta kawih anu dijieunna. Rasa nyaeta ngeunaan hal-hal anu ngajiwaan eusi hiji kawih. Sedengkeun amanat nyaeta maksud anu rek ditepikeun ku pangarang eta kawih.

    Unsur kawih anu bisa ngagambarkeun isi kawih nyaeta bisa ditilik tina unsur rasa. Umpama ditilik tina unsur rasa, lagu atawa kawih Mojang Priangan teh ngagambarkeun mojang anu someah saperti bisa ditilik dina rumpaka dua pada tina kawih Mojang Priangan di handap ieu:

    Umat imut lucu,
    Sura seuri nyari,
    Larak-lirik keupat,
    Mojang Priyangan.

    Diraksukan kabaya,
    Nambihan cahayana,
    Dangdosan sederhana,
    Mojang Priyangan.....

Pertanyaan Lainnya