Lagu mojang priangan teh ngagambarkeun mojang anu A.Daekan B.someah C.judes D.centil
B. Daerah
Firzanp
Pertanyaan
Lagu mojang priangan teh ngagambarkeun mojang anu
A.Daekan
B.someah
C.judes
D.centil
A.Daekan
B.someah
C.judes
D.centil
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Lagu Mojang Priangan dina seni Sunda disebutna kawih Mojang Priangan. Naha lagu Mojang Priangan disebut kawih, naon hartina kawih teh?. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih teh nyaeta kaasup karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Dina seni Sunda aya oge anu disebut kakawihan jeung tembang.
Umpama ditilik tina rumpakana, tembang nyaeta kaasup karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Kawih jeung kakawihan, umpama ditilik tina rumpakana sarua, nyaeta mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan.
Sanajan kawih teu kaiket ku aturan atawa teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina kawih aya sababaraha unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi hiji kawih. Unsur-unsur nu aya dina hiji kawih nyaeta unsur tema tawa jejer, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Tema atawa jejer nyaeta gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangarang kawih. Nada jeung suasana nyaeta sikep pangarang kana kawih anu dijeunna. Rasa nyaeta ngeunaan hal-hal anu ngajiwaan eusi kawih. Sedengkaun amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku pangarang pangarang kawih.
Umpama ditilik tina rumpakana, lagu atawa kawih Mojang Priangan teh ngagambarkeun mojang anu someah. Hal eta ditunjukkeun ku kekecapan nu aya dina kawih Mojang Priangan, saperti kekecapan :
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan
Umpama nilik kana kekecapan "larak-lirik keupat" sigana mah eta mojang priangan ngagambarkeun mojang anu centil, tapi kua ayana kekecapan saperti Dangdosan sederhana, Umat-imut lucu, Sura-seuri nyari, jeung Sae basa sopan, maka bisa disimpulkeun yen eta mojang teh someah.