1.naon tema kawih bubuy bulan? 2. tangtukeun nadana! 3. caritakeun deui eusi kawihna 4.tangtukeun purwakantina!
Pertanyaan
2. tangtukeun nadana!
3. caritakeun deui eusi kawihna
4.tangtukeun purwakantina!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hiji kawih, saperti kawih Bubuy Bulan, bisa dianalisa atawa ditilik eusi rumpakana ku ngagunakeun unsur-unsur nu aya dina hiji rumpaka kawih. Unsur-unsur anu dimaksud nyaeta unsur jejer atawa tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Di handap ieu nyaeta jawaban pikeun pananya anu di luhur :
1. Tema kawih bubuy bulan nyaeta ngeunaan cinta atawa asmara
2. Nada tina kawih Bubuy Bulan nyaeta ngagambarkeun rasa sedih jeung sono jalma anu keur kasmaran
3. Kawih Bubuy Bulan teh nyaritakeun hiji lalaki anu keur ngarep-ngarep nungguan datangna anu dipikasono atawa anu dipikabogoh, anu unggal poe sok ngaliwat, anu matak nyredet kana hate manehna unggal nempo sorot matana
4. Purwakanti engang tungtung nu aya dina unggal padalisan nyaeta (a,a,e,e), (a,a,e,e), (u,i,e,a), (u,i,e,a)
Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Upama ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi nu kaiket ku aturan.
Aturan anu ngiket tembang nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Jadi, kawih jeung kakawihan mah henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu. Tapi sanajan henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, kawih tetep bisa dianalisa atawa ditilik, contona nyaeta ku unsur-unsur nu disebutkeun di luhur,
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Kawih Bubuy Bulan