B. Daerah

Pertanyaan

Anu dimaksud seuweu pajajaran dina eta rumpaka kawih teh nya eta...A.prabu Siliwangi B.anak raja C.sakumna urang sunda D.pendudukna loba

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Anu dimaksud seuweu Pajajaran dina rumpaka kawih Tanah Sunda teh nyaeta sakumna urang Sunda. Seuweu teh hartina nyaeta anak incu atawa katurunan. Sedengkeun Pajajaran nyaeta ngaran karajaan Sunda Galuh baheula. Sabenerna Pajajaran atawa Pakuan Pajajaran teh ngaran ibu kota karajaan Sunda Galuh, kusabab aya kabiasaan di daerah Asia Tenggara yen ngaran ibu kota karajaan sok dijadikeun ngaran karajaan, jadi karajaan Sunda Galuh teh disebut karajaan Pajajaran.

    Kecap "seuweu Pajajaran" aya dina kawih Tanah Sunda dina pada kadua, nyaeta:

    Seuweu Pajajaran
    muga tong kas'maran
    sing tulatén jeung rumaksa
    miara pakaya
    mémang sawajibna
    geten titen rumawat Tanah Pusaka

Pertanyaan Lainnya